Silaturahmi Alumni SMPN 1 Panumbangan Angkatan ’82 Lulusan ’85
(ku : Atep T. Hadiwa)
Teu ngarasa cape ieuh kuring saparakanca jeung babaturan sanajan peutingna nyileuk nahan katunduh alatan kudu mereskeun jeung nyiapkeun tempat katut alat-alat nu diperlukeun keur kalancaran acara isuk nu meneran dina poe ahad 3 syawal 1431 H. Malah ti samemehna ge geus diembarkaeun kurang leuwih pisapuluh poeeun nepi ka masang spanduk jeung baligo sagala di sisi jalan, kulantaran acara hayang sukses bari jeung babaturan bisa daratang ngahadiran dina waktuna. Rada ngarasa melang jeung hariwang kuring saparakanca teh sok inggis babaturan teu daratang. Ku kitu tea mah enya hariwang pisan, sabab ngabejaan babaturan kacida susahna, maklum kurang leuwih geus 25 taun teu patepung, geus pabarencay ngalumbara jigana teh rupa jeung pangawakan geus rarobah parangling. Jigana mah mun isuk tepung teh bakal wawanohan deui sakumaha baheula anyar tepung.
Gancang carita, kuring isukna kira-kira tabuh satengah dalapan geus datang di tempat nu geus ditangtukeun. Rarasaan mah asa nu pangheulana datang, singhoreng geuning Tahrudin babaturan kuring nu baheula awakna pendek kiwari ge angger keneh pendek. Ngan bedana teh ayeuna mah geus kumisan kasampak geus aya bari jeung riweuh keur ngatur meja katut kadaharan nu disiapkeun. Gede pisan tah tanggungjawabna Tahrudin teh, sakumaha kasapukan waktu keur ngabagi-bagi pancen. Kadaharan nu disiapkeun diantarana nyaeta rupa-rupa olahan kadaharan nu asalna tina sampeu, aya comro, goreng sampeu, seupan sampeu, deblo ipis, malah aya colenak sagala. Teu lila ti harita tingkurunyung babaturan sawarehna mimiti daratang, enya pisan nu kajadian tingharuleng, silih pelong, silih pencrong bari jeung nginget-nginget ngaran, saha ari ieu….. jeung saha ari itu…..! Ari inget, ari gabrug, silih gabrug bari tingcakakak mudalkeun kasono sanggeus kurang leuwih 25 taun teu patarepung.
Tah geuning geus rada euyeub babaturan daratang na teh, malah jigana geus rada laleuleuseun balagonjangan, ngalonyeng jeung sempal guyon. Celengkeung teh….. itu geuning Dedeh Darliah bari ngeupeul mik ngadeg di payun terus nyarita, oh enya geuning rek muka acara. Teu sangka geuning si aceuk masih keneh cerewed alias bawel teu beda waktu harita 25 taun kaliwat. Atuh acara dimimitian ku pangwilujeng ka sadayana dulur nu geus bisa hadir. Nuhun cenah…. tos tiasa hadir dina raraga Silaturahmi Alumni SMPN 1 Panumbangan Angkatan ’82 Lulusan ’85, nya dijudulan “Riung Mungpulung Nyawang Mangsa ka Tukang”. Saterusna si aceuk bari teu weleh ‘menebar senyum’, mikeun ancak ka ketua osis waktu harita 25 taun kaliwat, sumangga cenah dihaturanan.
Geuleuyeung…. Jehan Hidayat, angger keneh eta ge leumpang na teh ngageuleuyeung persis….. jeung kabayang baheula bari make calana sontog warna biru. Gep kana mik, terus nyarita….
Jehan ngamimitian sanuk-sanuk papalaku, terus ngabejakeun kronologisna acara nu ayeuna keur dilaksanakeun.
Cenah awalna mah pangna hayang ngayakeun silaturahmi alumni teh ku sabab inget jeung ngarasa sono hayang patarepung deui jeung sakabeh babaturan nu saangkatan baheula keur mangsa di SMP. Ari tujuan jeung maksudna ceuk Jehan, kahiji ngupayakeun tepung atawa silaturahmi, kadua ngumpulkeun data sakabeh alumni dina kayaan kiwari, katilu ngararancang ngawangun wadah alumni anu mandiri, kaopat pikeun kahareupna hayang ngawujudkeun hiji ‘lembaga’ atawa organisasi resmi anu mere mangpaat keur kahirupan balarea boh widang sosial, pendidikan, budaya, oge nu sejenna. Saterusna Jehan nganuhunkeun ka dulur-dulur nu geus ngarojong ku tanaga, pikiran, oge materi, kana kalaksanakeunna acara silaturahmi eta. Samalah nganuhunkeun pisan ka dulur anu geus ikhlas nyisihkeun sawareh rejekina pikeun lancarna acara. Cenah waragad nu digunakeun pikeun acara silaturahmi eta, ngahaja teu matok atawa ngalas ka sakumna babaturan. Ari alesan mah ceuk Jehan… sok inggis aya sawarehna babaturan anu hoream datang alatan dialas biaya. Nu dipiharep, sakabeh babaturan ulah sungkan jeung era datang kana eta acara alatan ngarasa geus aya beda antara hiji jeung nu lianna. Paralun…… ceuk Jehan, ulah ngarasa kitu, malah susuganan aya mangpaatna pikeun nangtukeun nasib keur kahareupna. Kabuktian geuning…. sawareh dulur-dulur nu geus mapan rejekina nembongkeun kanyaah tur kaheman kalawan ngarasa sugema bisa ngabantu ngawaragadan acara, malah sawarehna waragad nu aya bakal dimangpaatkeun pikeun mere santunan ka sawareh babaturan nu kaayaanna dina waktu kiwari kacida perlu dibantu.
Sarengsena Jehan nyarita, terus ngagupayan kuring, Wawan Gunawan, jeung Anang Suryana. Sok geura kahareup cenah…. gantian nyarita! Simanahoreng Jehan ingeteun pisan yen kuring, Wawan, jeung Anang teh baheula 25 taun kaliwat sok maen calung, malah jadi grup calung SMP. Atuh kuring tiluan ngarayap kahareup terus kuring ngeupeul mik.
Ceuk kuring, tah ayeuna urang ngawawaas waktu harita keur mangsa urang sagulung sagalang di bangku SMP. Kuring menta Wawan Gunawan macakeun sajak. Kuring inget ari Wawan teh ti baheula oge geus boga teureuh ‘dalang’, malah geus sohor jadi dalang angkatan remaja. Kerewek Wawan ngeupeul mik, terus maca sajak anu eusina kurang leuwih ngajak maca riwayat salila 25 taun kaliwat jeung ngajak miara tali duduluran dina mangsa kiwari.
Ari der teh… enya wae, teu antaparah deui Wawan maca sajak bari make sora ‘Arya Seta’, eta beledagna sora ‘Arya Seta’ bari handaruan matak muringkak bulu punduk. Kuring sarerea bungah bari ngarasa waas… nitenan nepi ka rengse Wawan maca sajak,
PANGANTEUR
“Riung Mungpulung Nyawang Mangsa ka Tukang, 03 Syawal 1431 H.”
baheula… 25 taun kaliwat,
urang babarengan karumpul ngatik pangarti di SMPN 1 panumbangan
baheula… taun 1982,
urang silih pelong silih pencrong, silih toél silih oconan,
galumbira pada-pada mawa watek séwang-séwangan
baheula…
urang teu apal rék ka mana nya lampah, rék kumaha nya kalakuan, rék jadi saha jeung rék jadi naon na mangsa nu bakal datang,
anging takdir manten-Na nu Maha Agung nu jadi gurat titis tulis nasib
kiwari…
urang masih babaturan nu masih kénéh héman, euweuh nu beda sajeroning milampah maca riwayat salila 25 taun
kahadé…
ulah laas kahujanan, ulah luntur kaibunan, ulah maragatkeun tali babaturan waktu harita, malah duduluran nu kudu diipuk,
malah mandar gede mangfa’at, urang maraca nasib keur kahareupna,
yuu…
urang karumpul silaturahmi, ngumbar kasono balakecrakan,
urang nyawang mangsa katukang
réréongan babarengan,
sasieureun- sabeunyeureun bakal ngawujudkeun silaturahmi urang sarerea
sugan… urang wujudkeun rencana kahareupna nu leuwih nyata pikeun ngajalin tali silaturahmi urang.
(atep_js, 12 Sep 2010)
Saterusna, giliran kuring maca sajak beunangna Wawan. Cenah… baca tah sajak kuring, nu eusina kira-kira ngajak ngaragap diri meungpeung masih aya dina suasana lebaran. Atuh der…. deui wae kuring maca sajak sabisa-bisa. Ngan ceuk kuring mah ieu sajak teh aneh kacida, kieu geura :
TALAJAK BUTA JEUNG SI CEPOT DI PRAHA
Jekrek- jekrek Si Cepot motah ngababukan hulu buta,
ger bule-bule nu keur nongton surak alatan mupuas talajak buta.
Talajak buta naha asa aya dina diri kuring sorangan?
nu poho kana wanci,
singhoreng panongton mirengeuh talajak kuring nu keur poekeun.
Bareng jeung tanceb kayon mangsa lakakon dipungkas.
Horeng ari inget di lembur mah geuning kiwari teh keur takbiran sabada rengse puasa sabulan campleng.
Gusti hampura geuning aya keneh talajak buta nu nyelap na kongkolak mata jeung sagelas Vodka na genggerong kuring //
Praha, Ceko: 07092010.
Wilujeng Boboran Siam. Hampura lahir, hampura batin. (wawan@jen)
Beres kuring, saterusna giliran Anang Suryana ngawih. Baheula 25 taun kaliwat Anang pamingpin lamun keur maen calung. Dedegana jangkung tur badag jeung angger rada hideung, tapi geuning alus ngawihna mah. Anang cacalawakan ngawih lagu ‘Ulah Cuerik’, lagu sunda jigana mah…
Wah… waas kacida, ngalagenah eta Anang ngawih tepi ka babaturan nu sejen nu tadina cimekblek dina korsi ngadadak tingkuniang ngaradeg terus ngarampayak ngaribing. Duh… waas lah pokona mah. Edaaas… eta nu ngarampayak, aya Rustiadi, Maman Kopasus, Yayat Ruhyat, Tahrudin, eta euleuh Nur Eliati, Enok Wartika, itu geura…. Nani Nurhayati oge ngageol…!
Minangka panyelang acara, saterusna kuring macaan daftar absen unggal kelas anu persis jeung waktu harita 25 taun kaliwat. Babaturan nu hadir terus ka hareup baris ngarendeng terus dipoto.
Dimimitian ti kelas A, nya anu hadir teh nyaeta : Ai Lelah H, Dadang Selamet, Endang, Husni Mubarok.
Kelas B, nu hadir nyaeta : Agus S. Toni, Dede Suhada, Jehan Hidayat, Kurniadi, Maman, Rahmat, Tahrudin, Titin Kartini, Wawan Sunarwan, Yani Garini.
Kelas C, nu hadir nyaeta : Awan Sutiawan, Dede Ateng Jaelani, Dedeh Darliah, Iis Dahyati, Ita Hartita, Maman Sulaeman, Ojat Suparman, Reni Riyani, R. Rita Malinda, Rosid Suhendar, Suhenda, Uus Jahidarius, Uus Kusnawan.
Kelas D, nu hadir nyaeta : Anang Suryana, Ate Haryana, Atep Tatang, Endang Dudun Abdulah, Ida Roaida, Jaja Subagja, Nunu Nugraha, Tatang Wahyudin, Nanang Herdiana.
Kelas E, nu hadir nyaeta : Endang Rahmat, Engkus Kusmana, Kusna Herlan Noor, Rustiadi, Wawan Darmawan.
Kelas F, nu hadir nyaeta : Asep Maskur, Enok Wartika, Nani Nurhayati, Neneng Indrajati, Wawan Gunawan, Neni Amalia S., Nur Eliati, Popong Wartini, Yayat Ruhyat.
Wah… tegep lah, sakabeh nu hadir ti unggal kelas beres dipoto. Saterusna, Jehan nyarita deui yen pikeun kahareupna baris dilaksanakeun ngararancang program nu leuwih nyata, nyaeta hayang ngawujudkeun hiji lembaga atawa organisasi resmi anu dilola ku kakuatan alumni ku jalan ngamangpaatkeun sakabeh potensi anu aya. Jigana optimis pisan, dina waktu anu moal lila deui baris dilaksanakeun ririungan anu dihadiran ku wawakil ti unggal kelas.
Saterusna, acara ramah tamah minangka acara bebas ngumbar kasono, balakecrakan, jeung hiburan alakadarna jadi acara pamungkas. Teu sangka geuning…. Yayat Ruhyat ngahaleuangkeun kawih-kawih lawas, nostalgia, kacida ngalagenahna. Eta kumisna ngajiripit, jadi gendut pangawakana, padahal baheula mah leutik jeung pendek bari jeung cicingeun. Disambung ku Rustiadi, milu aub ngahaleuang, ngalagenah oge sanajan rada sumbang sorana, mantri Iyus ayeuna mah katelah na teh. Tuh geuning… Enok Wartika, ibu dosen oge ngahaleuang, duka naon kawihna, pokona mah ngalagenah oge. Aya oge ‘duet maut’ sebagai bintang tamu, Iis Dahyati jeung Wawan Darmawan ngahaleuang dangdutan…. Siiiip lah…! Kitu geuning tah… gumulungna kasono anu tamplok di aula Desa Medanglayang, sabada 25 taun teu patepung.
Teu karasa waktu nyerelek, geuning geus tabuh 12 peuting ieu teh, kuring anteng “Nyawang Mangsa ka Tukang”. Cag…. Heula ah,
Katitipan saur ti sadaya dulur, ‘hatur nuhun‘ SPECIAL kanggo :
ASEP TOHARI, KUSNA HERLAN NOOR, RENI, UUS KUSNAWAN, WAWAN GUNAWAN, sareng ITA HARTITA.
Teu kantun ‘hatur nuhun’ oge kanggo :
Dede Suhada, Titin Kartini, Dedeh Darliah, Rosid Suhendar, Nunu Nugraha, Nanang Herdiana, Enok Wartika, Neni Amalia S., Maman Abdurahman, Koharudin, Nur Eliati, Kosasih, Iis Dahyati, Dede Ateng Jaelani, Erpin Marpinda, Ida Roaida, Neneng Indrajati, Asep Maskur, Yayat Ruhyat, Rahmat.
Mugi Alloh SWT ngawales kasaeanna, kalayan materi anu tos dipaparinkeun mugi sing mangpaat tur barokah, enggal kagentosan anu langkung ageung. Amin.
kilas