sajak sunda

“Gerentes haté dina runtuyan basa muga jadi pépéling tilam kaéling.”

Kuring jeung Anjeun
(Kresna manunggal Samiaji)

saha ari kuring,
saha ari anjeun,
kuring jeung anjeun teh saha?
neangan saha kuring,
neangan saha anjeun,
kuring jeung anjeun teh neangan saha?
di mana kuring,
di mana anjeun,
kuring jeung anjeun teh di mana?
rek ka mana kuring,
rek ka mana anjeun,
kuring jeung anjeun teh rek ka mana?
naha kuring teh anjeun?
atawa anjeun teh kuring?

Beh na mah…
geuning kuring jeung anjeun teh sarupa, sajiwa, saraga
tunggal mahluk Nu Murbeng Alam,
ukur darma wawayangan,
usik malik anging kersa manten-Na,
sumerah sadrah anging ka Gusti na,
waluya mun panjeg dina papagon karahayuan,
karahayuan nu manunggal
manunggal Kresna lan Samiaji

(atep js, des 2010)

KAWIH KARAHAYUAN

taraktak cempala narajang,
peti kai ngarénjag nyampakkeun puruklukna wirahma,
pataréma jeung ngaracakna kecrék,
nangtukeun mustarina wanci,
handaruan meupeuskeun jemplingna peuting,
kolébatna gugunungan masieup beja saamparing jagat,
dipirig gending silokananta mépéndé kawih karahayuan.

murwa suci medal munajat Hyang Murbéng Alam,
mangka éling manusa sakabéh yen usik malikna raga anging kersa nu Maha Kawasa,
geter sukma muga tumarima kana kadar nu maha welas tur maha asih,
ka saha nya kudu muja?
ka saha jeung ka mana nya minangsaraya?
sok inggis nyorang cilaka na mangsa jaga,
nun Gusti pangéran abdi,
neda pangaping, pangjaring, tur pangriksa Gusti.

talajak manusa di jagat raya nu muka carita,
séahna rupa-rupa kajadian mapak legana jagat,
sipating mahluk teu ajeg dina hiji martabat,
pon kitu deui manusa…
kumelendang di jagat raya pramudita teu wéleh ngumbar obah jeung gingsir,
salilana katumpakkan sirik,pidik, jail, kaniaya, irén, pinastrén, dudupak, rurumpak, nyaci, maki, ngupat, geuleuhan, dengkian, teu payaan, jeung sajabana.

mana atuh kawih karahayuan?
neumbrag jungkiringna murka Dasamuka nu teu weléh ngulayab,
kiwari….. manusa karaksuk napsu amarah,
leungit wargi, ilang baraya, tumpur dulur,
kapanasaran Dasamuka alatan kahimpit dua gunung batu,
singhoréng siloka keur manusa,
nu teuas haté lir teuasna dua gunung batu bakal nyiksa diri jeung raga,

kawih rahayuan moal eureun,
bareng jeung kolébatna gugunungan mawa béja kabagjaan,
keur manusa nu teuneung ludeung ngalawan angkara murka,
waruga Dasamuka méh perlaya sanajan bedas teu daya ngalawan karahayuan,
tuh nu jadi cirina Prabu Dharmakusumah,
siloka raga nu wijaksana keur manusa …
dépé- dépé handap asor, alus budi hadé basa, ngajen ka batur hadé ka sasama, teu adigung gedé hulu, rasa aing uyah kidul, salawasna deudeuhan, nyaahan, welasan, asihan, béréhan, resep nulung kanu butuh, resep nalang kanu susah, ngajait kanu titeuleum, ngahudangkeun kanu labuh, nyaangan kanu poékkeun,

sanajan pangkat raja kalungguhan ratu,
prabu Dharmakusumah éstu siloka karahayuan,
sapadaharita Dasamuka ragrag nyorang perlaya,
surak ambal-ambalan saamparing jagat,
dipirig gending jiro pamungkas,
ramyang-ramyang mépéndé kawih karahayuan,
KARAHAYUAN.
(atep js, Oktober 2010)

PANGBIBITA MANUSA

Tingcaringeus, tingséréngéh, tingkecewis,
kalacat muntang kana bulu mata,
sakapeung napak kana kongkolak handap bangun nu suka,
reureundeukkan ngagulayun muntang kana bulu mata nu séjén,
teu lila…….
ilang nyulusup ka jero raga,

Sawaréhna luncat ka sagigirna anyaclang ngawasa sakabéh sora,
ngabeledag handaruan meupeuskeun wirahma,
nguwak-ngawik ngacak waditra paningtrim,
haleuangna sora pabarencay teu napak wanci,
teu lila…….
ilang maksa nyorang jeroning raga,

Aya oge nu nyelap na lawang pangrasa arum,
ngélékéték kulibengna seuseungit ambeu,
narajang sukma jeung sagara kahayang,
tingkarayap maksa sabudeurna lawang,
teu lila…….
ilang ngalebur aruming raga,

Kiwari…
jeroning raga harénghéng teu puguh béja,
pangrasa, paningal, pangreungeu jeung pangambung jempé teu majar kumaha,
lalakon bagja meh katiban cilaka,
jumeritna raga ngancurkeun rohangan waruga,
sastra kamulyaan rocét sabada kasorang murkana rasa,
tunggaling manusa nyangsaya kurumuy kaliput dosa,
deudeuh teuing….. manusa,
teu wéléh nyiksa raga, nyapa jiwa, lali ka diri,
cenah manusa mulya….?
geuning malah kabita ku hejona paningal, amisna rasa, seungitna pangambeu jeung genahna sora,
beu… nyorang cilaka geuning?
bagja kasilih ku pangbibita.
(atep js, Oktober 2010)

Responses

  1. sae pisan kang! Janten inspirasi keur abdi nu nju diajar!

    • muhun kang,
      eh pdahal kintunkeun oge ka radio dna gentra panineungan,,he

  2. hmm, mani netes kana ati sanubari..muantaps, kang!

  3. Kataji ku rupaka sareng reka bahasa, sae pisan Kang.
    Punten dupi akang asli ti leresan Panjalu?

  4. Sae kang.. abdi resep..

  5. Sae pisan kang, jadi ngiget babaturan abdi anu pernah macakeun.

  6. hebat uy

  7. (y)

  8. Nuhun kang… Kaanggo pisan sajakna…

    hatur nuhun

  9. sae pisan kang,.. nyuhunkeun izin kanggo ngajiplak…

    mangga upami kaleresan mangfaat mah, hatur nuhun

  10. ass. kang atep. pnten sing seueur deui sajak sundana. komo pami ngango basa Sunda karuhun . abdi ,mitresna basa Sunda nu murwakanti…

  11. HATUR NUHUN KANG


Tinggalkan Balasan

Isikan data di bawah atau klik salah satu ikon untuk log in:

WordPress.com Logo

You are commenting using your WordPress.com account. Logout / Ubah )

Twitter picture

You are commenting using your Twitter account. Logout / Ubah )

Facebook photo

You are commenting using your Facebook account. Logout / Ubah )

Google+ photo

You are commenting using your Google+ account. Logout / Ubah )

Connecting to %s

Ikuti

Get every new post delivered to your Inbox.

%d bloggers like this: