PANGBIBITA MANUSA
Tingcaringeus, tingséréngéh, tingkecewis,
kalacat muntang kana bulu mata,
sakapeung napak kana kongkolak handap bangun nu suka,
reureundeukkan ngagulayun muntang kana bulu mata nu séjén,
teu lila…….
ilang nyulusup ka jero raga,Sawaréhna luncat ka sagigirna anyaclang ngawasa sakabéh sora,
ngabeledag handaruan meupeuskeun wirahma,
nguwak-ngawik ngacak waditra paningtrim,
haleuangna sora pabarencay teu napak wanci,
teu lila…….
ilang maksa nyorang jeroning raga,Aya oge nu nyelap na lawang pangrasa arum,
ngélékéték kulibengna seuseungit ambeu,
narajang sukma jeung sagara kahayang,
tingkarayap maksa sabudeurna lawang,
teu lila…….
ilang ngalebur aruming raga,Kiwari…
jeroning raga harénghéng teu puguh béja,
pangrasa, paningal, pangreungeu jeung pangambung jempé teu majar kumaha,
lalakon bagja meh katiban cilaka,
jumeritna raga ngancurkeun rohangan waruga,
sastra kamulyaan rocét sabada kasorang murkana rasa,
tunggaling manusa nyangsaya kurumuy kaliput dosa,
deudeuh teuing….. manusa,
teu wéléh nyiksa raga, nyapa jiwa, lali ka diri,
cenah manusa mulya….?
geuning malah kabita ku hejona paningal, amisna rasa, seungitna pangambeu jeung genahna sora,
beu… nyorang cilaka geuning?
bagja kasilih ku pangbibita.
(atep js, Oktober 2010)
Oleh: atep t hadiwa js | Oktober 5, 2010
sajak sunda
Ditulis dalam catatanku, sastraku, seni budaya, Uncategorized
salam pangwanoh kang..
..leres pisan bagja nu sajati kasilih ku pangbibita dunya nu ngaliwara..
hapunten bilih lepat basana sayogi dilereskeun..
Oleh: jejen on Oktober 13, 2010
at 2:31 am
sampurasun,,duh aya ku waas kang tepang pangwanoh ah
Oleh: Muhammad Ramdan on April 2, 2011
at 4:00 pm